23.4.12

Heurey Sunda

Jalma Beunghar ngadadak

aya hiji jalma ngaranna sebuh welah wawan nya (lain ngaran sabenerna) manehna jalma urang kampung sangsara, ngan dadak sakala cenah kacaritakeun beunghar kacida, lain meunang korupsi jiga gayus tambunan, atawa korupsina angelina sondakh, da teu hir teu walahir jeung gayus tambunan mah komo deui ari kudu jadi kabogoh angelina sondakh mah, da sidik bebeungeutan wawan mah dibawah standar rata-rata kasep, jauh mala-melu jeung ariel peterpan urut kabogoh luna maya, mun simkuring salaku penulis nyaaa geseh saeutik lah jeung ariel mah,,,hehe.

singhoreng kang wawan semprul teh manggih emas 1000 kilo nya terus we dijual, kabeneran pan harga emas sa gram na 250 rebu, cobi ku baraya kantun ngalikeun sabaraha hasilna 250 rebu kali 1000 kilo, sabaraha.? lieurnya tong di etang da abdi ge teu apal hasilna sabaraha, maklum nuju nyerat ieu carita teu nyandak kalkulator.

nya antukna kabeuli imah mewah, kabbeuli mobil, ngan edas da sidik urang kampung teu bisa nyupir-nyupir acan, nya manehna muka lowongan keur supir, teu sirikna ngantay nu daftar hayang jadi supir, mang endut daftar ngan teu memenuhi kriteria da sidik mang endut mah pangalamana nyupiran mundik alias ngawuluku sawah, jang asep nu katarima teh buhan budak eta kungsi gawe di mang agin jadi kendek angkot jurusan arjasari-banjaran. kadang-kadang sok nyelang heula nyupiran lamun mang agin sibuk.

hiji mangsa wawan ngajak asep ka kota pajar teh hayang ulin ka kota numpak mobil anyar, maklum ti babakan mantri dessa pinggirsari ka bandung teh pan jauh pisan jaba jalan ka babakan mantri mah butut pissan apanan, duka hilapeun panginten pk bupati th bade ngaspal jalan, tapi maenya ketang bupati ngaspal jalan apan tugas ngaspal jalan mah Dinas PU, panginten BUPATI Kabupaten Bandung H.M.Naser mung kantun miwarang. aeh urang teraskeun kana carita pamiarsa disatengahing perjalanan kira-kirana di sekitar dayeuhkolot pas namah cieunteung anu sok banjir tea gning caket bale endah juragan wawan lapar nya nitah meuli heula mih, sep cing euy neangan mie goreng anu spesial nya, asep bingung terus nanya anu spesial teh nu kumaha juragan.??, eta anu aya endogan dua, oh muhun atuh teu kungsi lila asep geus datang deui bari mawa mie goreng make endog dua.

kacaritakeun harita mobil nu dibawa ku asep geus nepi ka bandung kota, nya harita langsung menuju Hotel Horison Bandung nu alamatna di Jl. Pelajar Pejuang No 121 , Bandung Kota 40264 , Bandung. gaya pisan nya juragan wawan malahan mah milih kamar na ge nu executive suite room.


karek nepi hotel geus lapar deui tah juragan wawan teh, nya nitah deui ka asep supirna, sep meuli nasi goreng jung ka hareup, tapi anu spesial nya. siap juragan anu spesial mah anu aya endogan dua nya, heueuh bener ceuk juragan wawan, teu kungsi ssa jam asep geus datang mawa nasgor spesial anu endogna dua. teu dililakeun nya di hekak harita keneh oge.

wanci beuki peuting, juragan wawan ngalungsar dina ranjang, da supirna mah ngajoprak sarena teh na mobil toyota kijang inova meunang meuli ti auto 2000 nu di pasteur mu teu salah mah. dirasa-rasa tiisna AC bet nambah rasa sepi....antukna wawan ngorejat, trs nelepon ka asep, sep kadieu euy aya perlu,!!!!, muhun-muhun juragan mangga, asep geus aya na lawang kamar, cing sep lah urang keueung rek sare teh, jeung asa rada hayang aya numaturan, nenangan awewe jung, tapi ulah awewe nu biasa-biasa, kan ayeuna mah urang teh geus jadi jalma beunghar...maneh kudu neangan awewe anu spesial. asep ngajawab...siap bos bari indit.

asep kukurilingan di ddaerah alun-alun bandung neangan awewe tapi sihoreng geus karolot, muter ka jalan otista da didinya loba nu mangkal teh biasanamah, euweuh nu alus euweuh nu spesial, asup ka saritem angger, asep mikir anu kumaha nya anu spesial teh....asep nanyakeun ka preman saritem nya antukna asep indit ka daerah Taman Bandung Lautan Api tega lega, asep meunang hiji langsung ngabiur ka hotel horison.

semanget pisan asep mawa eta bikang ka hotel, trs ngetrok panto...juragan-juragan ieu awewe teh, sok sina asup sep urang geus di ranjang yeuh,,,,, karek ge 10 menit juragan wawan langsung ngagorowok : Aseeeeppp.!!!!!!! naha sia mamawa bencong, pan aing mah pesen awewe.!!!!

asep datang urup ap ereupeup....munuh gan pan saur agan istri anu spesial, pan agan mah mun anu spesial teh aya endogan dua....

0 komentar:

Posting Komentar

Share

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More