18.1.12

Bagja Diri

tiis ceuli herang panon...
genah hate sok sanajan taya nu mepende
lumampah teu karasa cape,

sok sanajan kudrat na hiji manusa
boga rasa ka keueung......
boga rasa kaheman....
boga rasa anu kadang aya lain dina mangsana..
rasa sono tapi saha nu kudu dipikasono....
rasa sedih tp saha nu kersa maturan peurih....

mungguhing Gusti.........
kuring dipaparin kakuatan....
pikeun panceg dina galur......
sok sanajan taya batur komo dulur

bagja rasa........sok sanajan kadang kasiksa
bagja diri..........sok sanajang sakapeung karasa nyeri,
meureun ieu jalan ti Gusti.........
kuring nampi kalayan ajrih diri.

0 komentar:

Posting Komentar

Share

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More