17.6.11

Bral gera Miang

Waktos salira reumbay ku cimata
sabenernamah kuring teu tega
ngan dalah di kumaha............
da eta mah kaputusan anjeun nyalira

bingung mah bingung matak gering pikir
rek ngijinan bisi pajar geus teu micinta
ari teu ngijinan anjeun bakal leuwih kasiksa
mung ukur tiasa ngajurung ku du'a

kakasih...................
mun tos nepi kana waktuna mah
pasti moal kieu rarasaan teh
tapi duka iraha

Sieun Kuciwa

sanes hoyong dipikarunya........
pedah cimata remen ngalembereh
maseuhan sajadah peuting ieu

simpe....teu aya sora
padahal hate jumerit maratan langit
sugan dugi kana pangdangu Anjeunna

Duh Gusti.......................
Iraha atuh ieu harepan baris laksana
Iraha atuh bisa silih mika heman

Lain pedah ku pa'anggang
Tapi jiwa pinuh kahariwang
sok sieun manehna teu paheut kana janji

BMW

lamun anjeun ninggali kuring duaan
rerendengan sareng wanoja nu langkung geulis
anjeun ngacay moal.........pasti moal

lamun anjeun ninggali kuring naek mobil BMW seri anyar
bari duit triliunan dina tas abdi
anjeun ngacay moal........pasti moal

lamun imah kuring jiga istana kpresidenan di bogor
bari selir gaduh sapuluh gareulis kacida
anjeun ngacay moal.....pasti moal

sabab kuring geus apal kana sifat anjeun
Anjeunmah ngacayna lamun pas sare wungkul

Sare Patonggong-tonggong

teu karasa.......waktu teh
ari ku kasiksa mah
anjeun teu ngarasakeun
pasiksana ieu awak

geus ampir saminggu.....
urang duaan sare teh patonggong-tonggong
omat......cukup saminggu ayeuna wungkul
ulah diteruskeun...ieu raga teu walakaya

naha atuh ngajak sare teh bet patonggong tonggong wae
anjeun hayang nonggongan dipan
nitah kuring nonggongan lalangit

Gerhana Bulan kitu..??

nyawang bulan di mumunggang 
caang bulan opat belas...........
langit bengras taya tedeng aling-aling
alam lir ibarat keur suka bungah

bulan moncorong mani buleud
bentang-bentang mapaes endahna langit
endah pisan matak waas ninggalna

naha poe ieu mah langit teh caang
padahal biasana hujan wae tiap poe
kunaon atuh nya....?????
singhoreng di sarang ku mang rasman
sabab poe ieu aya nu hajat

Melang

Hate teu bisa di bohongan
ieu raga muyung tungtung layung
ras emut ka salira anu nuju pundung 

meusmeus melang ku hariwang
sok bilih anjeun teu mulang
mikeun cinta kanu lian

kuring tetep nganti-nganti
Piligenti wanci silih bintih nurih kapeurih
tapi keukeuh anjeun teu mulih
padahal kadeudeuh kuring tanpa pamrih

Kiamat Atuh

peuting ieu simpe
lir ibarat simpena hate
kabayang raray salira
nyaliksik kana jiwa
tapi hate mah angger
teu bisa walakaya
sabab anjeun saurna aya nu boga

peuting ieu........
kuring ngan ukur bisa ninggali endahna langit
langit anu dipapaes ku bentang
jiga anu ngabeberah ieu manah

peuting ieu.......
kuring hayang rerendengan
sabab kuring kabita ku bulan nu keur paduduaan
bulan keur rerendengan jeung panon poe

aeh kiamat atuhnya.....

Share

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More