18.12.11

Naha..??

naha ieu pungkasana....
carita pinuh katresna.
kiwari mung ukur tinggal carita,

naha kieu rasana....
anjeun nu ngucap janji,
tapi anjeun oge nu jalirna.

naha kudu kieu lampah hirup,
kuciwa taya lekasan...
pajar jodo moal kamana
tapi teu rido lamun anjeun midua.

naha kudu kumaha......
sagala geus dikorbankeun,
pikeun harepan sangkan laksana,
mikanyaah mikaheman kasalira,
kiwari mung sakur ngimpi.

Teu Langkung

boh bilih geus nincak kana mangsana,
geus cunduk kana waktuna,
boh bilih ieu raga geus teu walakaya,
tanpa tangan pangawasa,

lieuk gunung...lieuk lamping
lieuk batur jeung nu kapi lain,
taya dulur taya baraya...
kieu gening nasib jalma ngumbara.

tong di ceungceurikan,..
tong rek diteangan....
ieu raga geus biasa,
ieu jiwa geus biasa,

boh bilih ke ieu jiwa geus leupas tina raga
ngajepat nyingareup ngaler....
prak geura ruag di taneuh nu mana wae,
di kampung nu mana wae...
Nu penting sampurna mulasarana.

16.12.11

Tunggara

bingung balik........asa taya nu miboga.
hirup ukur nuturkeun indung suku.
rek hirup dimana rek maot dimana
Nu Kawasa nu uninga.

Kasenangan mah gening mung ukur pupulasan.
ngan keur ngaramekeun alam dunya.
da gening hate mah sakieu simpena.

hate peurih.....ngarakacak naha bakal jiga kumaha pungkasana,
Dua Amanah ti Gusti nu kudu dijaga di pikaasih.

cenah itungan bagja mah lain mung ukur harta.
tapi dalah sakieu ayana.......
mudah-mudahan teu matak jadi dosa.
hampura anaking, prak hidep cing ngagem hurip.
Insya Allah dicangking ti katebihan.

14.12.11

Bah Dadeng - Papatong

Bah Dadeng - Papatong

Bah Dadeng - Papatong

Bah Dadeng - Papatong

Share

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More