Saurna tresna tp taya beja jeung carita,
saurna deudeuh tp nyarios bangun nu geuleuh,
saurna nyaah tp teu tiasa ngabeberah manah.
Saurna satia tp cinta bet di bagi dua......
saacan ieu raga....
ngajepat nyingareup ngaler
hamo bisa ditambaan
saacan ieu diri....
pindah tina ieu alam
bakal tandang makalangan
keur harepan nu can kahontal
sakabeh rasa antara
anjeun, kuring jeung manehna
mung Gusti nu langkung uninga
urang mah jalma nu la'if
ngan ukur ngotretkeun hiji catetan
taqdir teu bisa dipungkir
kdah sadrah tumarima ...
duh Gusti....
peurihna ieu ati
lir ibarat raheut ku hinis.
mapay jalan harepan
taya cahaya maturan
mapag kala wanci janari
salira teu pasini kana jangji
tp estuning kanyaah mh
teu wleh mapaes raga
bade dimana salira....
bade sareng saha.....
kuring sadrah tumarima
duh Gusti....
Anjeun langkung wnang
kana sagala kaniskara ...