18.12.11

Naha..??

naha ieu pungkasana.... carita pinuh katresna. kiwari mung ukur tinggal carita, naha kieu rasana.... anjeun nu ngucap janji, tapi anjeun oge nu jalirna. naha kudu kieu lampah hirup, kuciwa taya lekasan... pajar jodo moal kamana tapi teu rido lamun anjeun midua. naha kudu kumaha...... sagala geus dikorbankeun, pikeun harepan sangkan laksana, mikanyaah mikaheman kasalira, kiwari mung sakur ngim...

Teu Langkung

boh bilih geus nincak kana mangsana,geus cunduk kana waktuna,boh bilih ieu raga geus teu walakaya,tanpa tangan pangawasa,lieuk gunung...lieuk lampinglieuk batur jeung nu kapi lain,taya dulur taya baraya...kieu gening nasib jalma ngumbara.tong di ceungceurikan,..tong rek diteangan....ieu raga geus biasa,ieu jiwa geus biasa,boh bilih ke ieu jiwa geus leupas tina ragangajepat nyingareup ngaler....prak geura ruag di taneuh nu mana wae,di kampung nu mana wae...Nu penting sampurna mulasara...

16.12.11

Tunggara

bingung balik........asa taya nu miboga. hirup ukur nuturkeun indung suku. rek hirup dimana rek maot dimana Nu Kawasa nu uninga. Kasenangan mah gening mung ukur pupulasan. ngan keur ngaramekeun alam dunya. da gening hate mah sakieu simpena. hate peurih.....ngarakacak naha bakal jiga kumaha pungkasana, Dua Amanah ti Gusti nu kudu dijaga di pikaasih. cenah itungan bagja mah lain mung ukur harta. tapi dalah sakieu ayana....... mudah-mudahan teu matak jadi dosa. hampura anaking, prak hidep cing ngagem hurip. Insya Allah dicangking ti katebih...

14.12.11

Bah Dadeng - Papatong

...

Bah Dadeng - Papatong

...

Bah Dadeng - Papatong

...

Bah Dadeng - Papatong

...

18.8.11

Bohong

Saurna tresna tp taya beja jeung carita,  saurna deudeuh tp nyarios bangun nu geuleuh, saurna nyaah tp teu tiasa ngabeberah manah.  Saurna satia tp cinta bet di bagi dua......

saacan ieu raga.... ngajepat nyingareup ngaler hamo bisa ditambaan saacan ieu diri.... pindah tina ieu alam bakal tandang makalangan keur harepan nu can kahontal sakabeh rasa antara anjeun, kuring jeung manehna mung Gusti nu langkung uninga urang mah jalma nu la'if ngan ukur ngotretkeun hiji catetan taqdir teu bisa dipungkir kdah sadrah tumarima ...

Nyeri

duh Gusti.... peurihna ieu ati lir ibarat raheut ku hinis. mapay jalan harepan taya cahaya maturan mapag kala wanci janari salira teu pasini kana jangji tp estuning kanyaah mh teu wleh mapaes raga bade dimana salira.... bade sareng saha..... kuring sadrah tumarima duh Gusti.... Anjeun langkung wnang kana sagala kaniskara ...

17.6.11

Bral gera Miang

Waktos salira reumbay ku cimata sabenernamah kuring teu tega ngan dalah di kumaha............ da eta mah kaputusan anjeun nyalira bingung mah bingung matak gering pikir rek ngijinan bisi pajar geus teu micinta ari teu ngijinan anjeun bakal leuwih kasiksa mung ukur tiasa ngajurung ku du'a kakasih................... mun tos nepi kana waktuna mah pasti moal kieu rarasaan teh tapi duka ir...

Sieun Kuciwa

sanes hoyong dipikarunya........ pedah cimata remen ngalembereh maseuhan sajadah peuting ieu simpe....teu aya sora padahal hate jumerit maratan langit sugan dugi kana pangdangu Anjeunna Duh Gusti....................... Iraha atuh ieu harepan baris laksana Iraha atuh bisa silih mika heman Lain pedah ku pa'anggang Tapi jiwa pinuh kahariwang sok sieun manehna teu paheut kana ja...

BMW

lamun anjeun ninggali kuring duaan rerendengan sareng wanoja nu langkung geulis anjeun ngacay moal.........pasti moal lamun anjeun ninggali kuring naek mobil BMW seri anyar bari duit triliunan dina tas abdi anjeun ngacay moal........pasti moal lamun imah kuring jiga istana kpresidenan di bogor bari selir gaduh sapuluh gareulis kacida anjeun ngacay moal.....pasti moal sabab kuring geus apal kana sifat anjeun Anjeunmah ngacayna lamun pas sare wung...

Sare Patonggong-tonggong

teu karasa.......waktu teh ari ku kasiksa mah anjeun teu ngarasakeun pasiksana ieu awak geus ampir saminggu..... urang duaan sare teh patonggong-tonggong omat......cukup saminggu ayeuna wungkul ulah diteruskeun...ieu raga teu walakaya naha atuh ngajak sare teh bet patonggong tonggong wae anjeun hayang nonggongan dipan nitah kuring nonggongan lalan...

Gerhana Bulan kitu..??

nyawang bulan di mumunggang  caang bulan opat belas........... langit bengras taya tedeng aling-aling alam lir ibarat keur suka bungah bulan moncorong mani buleud bentang-bentang mapaes endahna langit endah pisan matak waas ninggalna naha poe ieu mah langit teh caang padahal biasana hujan wae tiap poe kunaon atuh nya....????? singhoreng di sarang ku mang rasman sabab poe ieu aya nu ha...

Melang

Hate teu bisa di bohongan ieu raga muyung tungtung layung ras emut ka salira anu nuju pundung  meusmeus melang ku hariwang sok bilih anjeun teu mulang mikeun cinta kanu lian kuring tetep nganti-nganti Piligenti wanci silih bintih nurih kapeurih tapi keukeuh anjeun teu mulih padahal kadeudeuh kuring tanpa pam...

Kiamat Atuh

peuting ieu simpe lir ibarat simpena hate kabayang raray salira nyaliksik kana jiwa tapi hate mah angger teu bisa walakaya sabab anjeun saurna aya nu boga peuting ieu........ kuring ngan ukur bisa ninggali endahna langit langit anu dipapaes ku bentang jiga anu ngabeberah ieu manah peuting ieu....... kuring hayang rerendengan sabab kuring kabita ku bulan nu keur paduduaan bulan keur rerendengan jeung panon poe aeh kiamat atuhnya.....

Pages 71234 »

Share

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More